Jumat, 30 September 2011

INDUNG-BAPA

Indung . .
Daratan jeung lautan
Nu ngampar satangkarak jagat
Hamo bisa mapakan
Jasa kaheman anjen

       Bapa . . .
       Daratan ku anjen dikorek
       Lautan ku anjen dikubek
       Nyumponan tanggung jawab
       Ngahayuan kulawarga

Ngorek daratan
Ngubek lautan
Neangan kanyaah nu sajati
Keukeuh teu manggih
Ari lain kanyaah anjen
      
        Duh, Indung . .!!
        Duh, Bapa . . .!!

Duh, Indung . .!!
Duh, Bapa . . .!!
Tiap renghap anjen
Di bareng do'a panghareupan
Neneda
Ka Gusti Nu Maha Agung
Keur kuring

       Mindeng kuring tumanya
       Naha diri bet baheula
       Kana papatahna
       Kana piwurukna
       Padahal,
       Papatah jeung piwurukna
       Demi kabahagian kuring